Tampilkan postingan dengan label sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label sunda. Tampilkan semua postingan

Jumat, 08 April 2011

Taman Ganeca, Taman Monumen di kota Bandung

ku: Iwan Hermawan


Panunjuk arah jeung luhurna Gunung nu aya dipasang di tembok panggung taman Ganeca nu nepi ka kiwari masih aya. (Sumber : Dok. Nunulis, 2010)



Keur urang Bandung atawa tukang ulin ti luar kota pasti geus teu asing ka ngaranan jalan Ganeca, jalan anu ngahubungkeun Jalan Tamansari jeung Jalan Dago anu dina poe pere sok pinuh kunu ngadon ulin, ngadon naek kuda atawa delman puputeran di sabudeureun jalan Ganeca bari ngararasakeun hawa seger kota Bandung anu masih bisa dirasakeun di kawasan ieu. Sedeng dina poe biasa (lain poe pere), ieu jalan rame ku mahasiswa anu karuliah di ITB.
Lingkungan jalan Ganeca ngarupakeun saeutik diantara oase anu masih nyesa di kota Bandung, can kagusur ku rupa-rupa kapentingan anu nga-atasnamakeun pangwangunan. Tangkal-tangkal gede anu umurna geus kolot masih rajeg ngabaris di dua sisi jalan ngiuhan nu lalar liwat di handapna.

Jalan anu linduh ku tatangkalan, oge dilengkepan ku taman anu lumayan lega, legana kurang leuwih 9.607 m2 sarta pinuh ku tutuwuhan perdu jeung tempat paranti diuk atawa nangkring ngararasakeun hiliwirna angin beurang di tengang kasibukan patalimarga. Taman ieu diwanoh ku masarakat ngaranna taman Ganeca, sarua jeung ngaran jalan anu aya di hareupeunna. Taman anu nyambungkeun jalan Ganeca jeung Jalan Gelap Nyawang, diwatesan ku Masjid Salman di beulah wetan sarta Jalan Skanda di beulah kulon, bentukna lonjong (oval) sarta dilengkepan ku balong buleud lengkep jeung cai muncrat. Balong cai muncrat pernah dileungitkeun, ngan dina renovasi jeung revitalisasi taman ganeca taun 2003 dimunculkeun deui kalawan diwangun buleud sarta leuwih luhur ti lahan sabudeuren. Hanjakal ieu balong teu dipiara kalawan bener, caina hejo ku lukut sarta dasarna pinuh ku leutak. Lian ti eta cai muncrat geus teu dipungsikeun. Hal ieu katiten tina ayana jukut nu jaradi dina munara paranti kaluarna cai muncrat.

Pikeun asup ka ieu taman, panto utama aya di beulah kaler jeung kidul, di Jalan Ganeca jeung di Jalan Gelapnyawang. Lian ti eta oge aya panto leutik di beulah wetan, ti masjid Salman sarta di beulah kulon, ti jalan Skanda. Satutasna di renovasi jeung direvitalisasi taun 2003, taman Ganeca oge dilengkepan ku jalur husus pikeun nu nyandang cacat anu posisi na di deukeut panto gerbang utama. Hal ieu nembongkeun yen ieu taman disadiakeun pikeun warga kota ti sakabeh golongan, tanpa aya perbedaan.

Aktipitas masarakat di ieu taman lumayan rame jeung rupa-rupa, lamun poe minggu pinuh ku barudak sakola jeung mahasiswa anu aktip di Masjid Salman ngadon ngariung dina kelompok-kelompok leutik nyawalakeun jeung diajar kaagamaan. Lian ti eta, sapopoena di ieu taman loba aktipitas rekreasi anu dilakukeun ku masarakat ti rupa-rupa kalangan. Barudak leutik ngadon maen bal bari papanasan atawa huhujanan, ibu-ibu ngora anu ngadon ngasuh budakna bari ngarumpi jeung papadana, mahasiswa jeung mahasiswi anu ngadon diskusi atawa saukur ngareurehkeun awak bari maca, atawa bapa-bapa jeung pamuda anu ngadon nguseup di balong cai muncrat, oge teu tinggaleun tukang dagang anu mangkal di luareun pager taman sarta tukang dagang ngider anu nawarkeun dagangan ka pangunjung ngarupakeun pamandangan ilahar di ieu taman. Nilik kana rupa-rupa aktipitas anu dilakukeun di ieu taman, tembong kumaha pentingna ieu lahan pikeun aktipitas rekreasi jeung sosial warga masarakat Bandung.

Taman Monumen
Dina awal abad ka-20, pamarentah kolonial Walanda mimiti nerapkeun pola tata ruang kota anu dikenal “Indische Koloniaale Stad” (kota kolonial di Hindia Walanda) pikeun ngamorderenkeun kota-kota gede di Indonesia, kaasup Bandung. Pola anu diterapkeun ku Walanda harita ditujukeun pikeun ngarancang, ngawangun jeung ngamekarkeun sabagean wilayah kota nu geus aya. Kawasan pamekaran kota sok disebut “kota anyar” (Nieuw Wijk) ngarupakeun kawasan anu husus dicadangkeun pikeun padumukan warga turunan Eropa, sedengkeun kawasan padumukan kaum pribumi mah ukur ditata liwat program panataan kampung atawa “Kampong-verbetering” (Kunto, 1986:215-216).

Numutkeun catetan sajarah, taman Ganeca diwangun taun 1919 ku Gemeente (pamarentah Kotapraja) Bandung pikeun ngalengkepan sarana prasarana kota Bandung. Lian ti pikeun tempat ulin warga kota, taman anu perenahna di hareupeun kampus Technische Hogeschool – THS (ITB, ayeuna) jeung dingaranan Ijzermanpark diwangun pikeun mieling Dr. Ir. Jw. Ijzerman anu gede jasana dina ngamajukeun dunya atikan, khususna widang tehnik, di Hindia Walanda pangpangna kota Bandung sarta gigih dina merjuangkeun ngadegna Technische Hogeschool – THS (ITB, ayeuna). Pikeun cirina, di gerbang taman dipasang patung dada Dr. Ir. J.W. Ijzerman nu nepi taun 1950an patung eta masih nangtung, taun 1960 patung dada Ijzerman diganti ku patung Ganeca sarua jeung ngaran jalan anu aya di hareupeun taman. Mun ayeuna neangan patung Ganeca, komo deui patung Ijzerman di taman Ganeca geus moal kapanggih deui, sabab geus robah jadi patung “tekno” rangka kubus tina baja tahan karat.

Dr. Ir. Jw. Ijzerman ngarupakeun pagawe di Jawatan Kareta Api Nagara (Staats Spoorwegen-SS) anu masing geus kolot, umur geus ucang-ucang kana jugang, masih mingpin pangwangunan jalur rel kareta api Batavia – Bandung liwat Purwakarta. Kurangna tanaga ahli dina pangwangunan rel kareta api “Preangerlijn” taun 1880-1886 ngadorong Ijzerman sabatur-batur ngirim petisi ka Pamarentah Pusat di Walanda anu eusina sangkan di Hindia Walanda bisa dibuka Paguron luhur bidang Tehnik pikeun kabeh golongan masarakat, kaasup kaum pribumi. Taun 1919 kalawan gawe bareng Kementrian Jajahan (Departement van Kolonien) jeung Insitut Insinyur Karajaan Walanda (Koninklijk Instituut van Ingenieurs) resmi ngadeg Institut Karajaan pikeun Paguron Luhur Tehnik di Hindia Walanda (Koninklijk Instituut voor hooger technisch onderwijs in Nederland Indie) kalawan modal awal sagede tilu juta gulden injeuman ti pamarentah. Pikeun ngawujudkeun cita-citana, Ijzerman tanpa ragu masrahkeun kabeh tabunganna anu gedena 100.000 gulden pikeun ngeusian dana pangwangunan Paguron Luhur Tehnik rintisannna (Kunto, 1986: 362-363).

Nilik kana bentukna, taman Ganeca boga ciri mandiri anu beda jeung taman-taman lianna di kota Bandung. Nalika dijieun, bentuk jeung gaya taman Ganeca ampir sarupa jeung Taman Tropis Indonesia (Indische Tropische Park) nu dirancang ku Bandoeng Vooruit (kumpulan pariwisata Bandung), bedana masih tembong unsur gaya taman Perancis jeung Italia abad pertengahan nu kaciri tina bentukna anu simetris, nyengked jeung dilengkepan ku susunan tangga di dua belah sisina. Ieu taman dilengkepan oge ku balong cai muncrat di tengahna lengkep jeung kembang tarate. Lian ti eta, boga buruan (panggung) keur nempo taman anu bentukna satengah buleud di panto asup beulah kaler nu posisina leuwih luhur. Anu ngabedakeun Ijzermanpark jeung taman-taman Istana di Eropa abad pertengahan, nyaeta pepelakan anu dipelakna jenis pepelakan tropis. Kondisi ieu beda jeung kaayaan ayeuna sabab geus ngalaman parobahan sababaraha kali, terahir taun 2003 ieu taman direnovasi jeung direvitalisasi ngarah teu tinggaleun jaman, ayeuna di titik pusat taman anu ngarupakeun lapang buleud nu ditembok dijieun tugu tina logam anu diluhurna dipasangan Laptop nu keur muka nyanghareup ka kampus ITB, sarta balong cai muncrat anu pernah diurug diwangun deui ngan posisina leuwih luhur tibatan lahan sabudeurenna. Lian ti eta, bangku-bangku taman dijieun tina beton anu ditiungan ku tatangkalan rambat jeung dipasangan steker listrik pikeun pangunjung anu ngabutuhkeun listrik ngan ayeuna mah geus teu pungsi saukur jadi hiasan bangku. Hal ieu nunjukkeun taman Ganeca pasca renovasi jeung revitalisasi dina taun 2003 konsepna jadi taman anu ngadukung pikeun kagiatan atikan warga Bandung, hususna pelajar jeung mahasiswa. Hanjakal kurang pamiaraan akibatna pungsi taman melenceng tina cita-cita atawa tujuan awal.Kaistimewaan anu kapanggih di taman Ganeca tapi teu aya di taman-taman lianna di Bandung, nyaeta panunjuk arah gunung jeung luhurna ti laut nu aya di sabudeureun Bandung anu bisa dititen ti buruan (panggung) keur nempo taman anu bentukna satengah buleud di panto asup beulah kaler taman Ganeca, nyaeta gunung-gunung anu aya di wetaneun, kiduleun nepi ka kuloneun Bandung. Panunjuk arah ieu dipahat dina marmer segi opat anu dipasang di luhur tembok wates panggung jeung taman. Nepi ka kiwari kondisina masih alus jeung kabaca keneh. Ngaran-ngaran gunung anu bisa dititen ti ieu tempat, nyaeta ti wetan ka kidul : G. Manglayang (1611 m), G. Tampomas (1683 m), G. Mandalawangi (1650 m), G. Graha (1159 m), G. Jaya (2416 m), jeung G. Papandayan (2660 m); sarta ti kidul ka kulon, nyaeta : G. Kendang (2607 m), G. Masigit (2076 m), G. Dayeuhluhur (1010 m), jeung G. Lalakon (970 m). Hanjakal gunung-gunung ieu geus teu katingali ti taman Ganeca, sabab geus loba wangunan di sabudeureun taman Ganeca nu ngahalangan. Mun hayang nempo gunung-gunung anu ngaranna dipahat di taman Ganeca ayeuna mah kudu ka daerah nu leuwih luhur, saperti Dago tee house atawa taman budaya Jawa Barat kitu oge lamun can kahalangan. Namung, pahatan ngaran gunung jeung luhurna nu aya sabudeuren Bandung bisa dijadikeun bahan pikeun urang salaku kolot dina ngawanohkeun kaayaan geografi lingkungan Bandung, hususna ngenalkeun ngaran gunung-gunung anu ngajega di sisi Bandung.
Panutup

Taman Ganeca geus ampir dua abad jadi salah sahiji ruang terbuka hejo kota Bandung. Rupa-rupa aktipitas masarakat dilakukeun di ieu taman geus nembongkeun pentingna ieu taman pikeun kahirupan sosial warga kota Bandung. Hanjakal pamiaraan nu kurang ngajadikeun ieu taman beuki lila beuki kumuh anu lamun terus diantepkeun bakal leungiteun dangiangna jeung pasti warga kota oge bakal males datang ka taman lamun sareukseuk mah, padahal taman ngarupakeun tempat rekreasi anu sipatna terbuka jeung murah anu bisa dirasakeun ku sakabeh lapisan masarakat.

Lamun nilik kana sajarah yen Bandung dijieun kalawan make konsep kota taman, pasti lamun taman-taman anu aya di Bandung dipiara dihade-hade sarta dipertahankeun wujud aslina pasti bakal bisa jadi daya tarik pikeun para wisatawan, boh lokal pon kitu deui mancanagara, daek datang ka ieu kota kalawan tujuanna henteu saukur balanja tapi boga tujuan hayang ngasakeun endahna taman-taman nu aya di kota Bandung. Mudah-mudahan cita-cita urang Bandung hayang boga kawasan hejo anu bisa diakses ku sakabeh warga kota bisa kawujud.

(dimuat dina majalah CUPUMANIK edisi Maret 2011)

Senin, 06 Desember 2010

BANDUNG PERNAH JADI IBUKOTA NAGARA

Iwan Hermawan

Bubuka

Dina danget ieu muncul wacana pikeun mindahkeun ibukota nagara ti Jakarta ka luar kota atawa ka luar pulo Jawa sabab dianggap geus teu cocok pikeun pusat pamarentahan. Kamacetan lalu lintas geus jadi bagean tina kahirupan wargana, pon kitu deui banjir geus jadi langganan lamun hujan. Lian ti eta, kondisi geologi pulo Jawa anu labil nyababkeun Jakarta teu leupas tina ancaman lini.

Wacana pikeun mindahkeun ibukota nagara ti Jakarta sabenerna geus muncul ti jaman kolonial Walanda. Tahun 1916 hasil panalungtikan HF Tillema, ahli kasehatan ti Semarang nunjukkeun yen Batavia (Jakarta ayeuna) sacara kasehatan geus teu layak jadi puseur pamarentahan Hindia Walanda. Manehna ngarekomendasikeun Bandung pikeun puseur pamarentahan sabab leuwih sehat tinimbang Batavia, lian ti eta Bandung masih deukeut jeung Batavia dibanding kota sejenna. Nya ti harita mimiti disiapkeun Bandung pikeun puseur pamarentahan, gedong-gedong pamarentahan hiji-hiji diwangun. Sanggeus beres, sawatara kantor pamarentah jeung kantor pausahaan swasta mimiti parindah ti Batavia ka Bandung.

Daendels nyiapkeun Bandung pikeun Puseur Pamarentahan

Sanggeus ngaliwatan perjalanan panjang, tanggal 5 Januari 1808 Daendels turun di palabuhan Anyer, henteu di Batavia. Manehna milih neruskeun perjalanan ka Batavia liwat darat dibanding laut, sabab ngahindar tina blokade Inggris. Perjalanan ti Anyer ka Batavia dilakukeun Daendels make kareta kuda anu meakeun waktu salila opat poe. Datangna Daendels ka pulo Jawa mawa pancen ti Raja Walanda harita, Louis Napoleon, pikeun jadi Gupernur Jenderal Hindia Walanda. Salah sahiji pancen anu diembanna nyaeta mertahankeun pulo Jawa sangkan henteu nepi ka rag-rag kana kakawasaan Inggris.

Salaku prajurit anu loba pangalaman di medan perang, Daendels nganggap posisi Batavia anu di sisi laut kurang aman sabab gampang diserang Inggris. Keur mertahankeun pulo Jawa manehna marentahkeun nyieun jalan raya pos anu ngahubungkeun kota-kota palabuhan di pulo Jawa. Tujuanna ngarah lalu lintas pasukan leuwih gancang lamun Inggris jadi nyerang pulo Jawa, sabab moal mungkin menta bantuan atawa ngirim pasukan ka tempat perang ngagunakeun jalur laut anu harita masih diblokade.

Salah sahiji wilayah anu diliwatan jalan raya pos nyaeta Bandung anu posisina di tengah-tengah pulo Jawa, diapit ku dua jalur pagunungan pulo Jawa, nyaeta pagunungan kaler jeung pagunungan kidul pulo Jawa. Tangtu aya hiji alesan kunaon Jalan raya Pos dipengkolkeun heula ka tengah ngaliwatan Bandung terus ka cirebon, anu aya di basisir kaler. Ti Cirebon nepi ka Panarukan, jalan raya pos mapay basisir kaler pulo Jawa ngaliwatan kota-kota palabuhan sapanjang pulo Jawa. Numutkeun nu nulis, Daendels ngaliwatkeun jalan raya pos ka Bandung pikeun strategi pertahanan. Bandung anu aya di daerah pagunungan ngarupakeun daerah anu cocok pikeun panyumputan atawa pangungsian lamun Batavia anu ngarupakeun puseur pamarentahan Hindia Walanda diserang Inggris. Hal ieu disababkeun, Bandung teu pati jauh ti Batavia, daerahna nyumput dihalangan ku benteng alam, sarta gampang dipertahankeun dimana akses ka Bandung saukur ngaliwatan jalan raya pos.

Numutkeun paparan di luhur, tetela jauh samemeh Tillema mere rekomendasi pikeun mindahkeun puseur pamarentahan ti Batavia ka Bandung, Daendels geus boga niatan pikeun mindahkeun puseur pamarentahan ti Batavia ka tempat anu leuwih aman sacara militer namung jarakna teu pati jauh ti Batavia.

Bandung jadi Ibukota

Tanggal 25 September 1810 jadi tonggak sajarah pikeun kabupaten Bandung, sabab dina tanggal eta ibukota kabupaten Bandung resmi pindah ti Krapyak (Dayeuhkolot) ka sisi walungan Cikapundung kiduleun Jalan Raya Pos. Ti saprak harita Bandung robah beungeut, kampung leutik tengah leuweung jadi puseur dayeuh, Ibukota kabupaten Bandung. Taun 1854 setatus Bandung naek jadi ibukota Karesidenan Priangan, terus robah deui jadi gemeente (kotapraja) dina tahun 1906. Setatus ieu terus undak nepi puncakna rencana Gubernur Jenderal Hindia Walanda boga niat hayang ngantor di Bandung nurutkeun kana saran HF. Tillema.

Taun 1920an, wangunan keur pikantoreun pamarentah Hindia Walanda geus jlug-jleg nangtung kalawan gagah anu saterusna dipungsikeun pikeun nampung departemen-departemen pindahan ti Batavia. Najan sabagian gede kantor-kantor pamarentah geus pindah ka Bandung, hanjakal Bandung henteu sacara resmi dijadikeun pusat pamarentahan sabab Gupernur Jenderal Hindia Walanda masih betah cicing jeung ngantor di Batavia.

Jauh samemehna, dina ahir abad ka 19 pamarentah Hindia Walanda ngajadikeun Bandung sabage pusat pertahanan. Pusat Militer diwangun di Cimahi, pabrik senjata jeung mesiu dipindahkeun ka Kiaracondong Bandung, sarta lapang udara Andir boga pungsi ganda nyaeta sabage lapang udara militer jeung lapang udara sipil. Hal ieu nunjukkeun, yen pamarentahan Walanda harita memang geus mimiti tatahar lamun Bandung rek dijadikeun gaganti Batavia.

Sanajan Gupernur Jenderal Hindia Walanda, sacara resmi henteu ngantor di Bandung namung dina panungtung kakawasaanna Bandung dijadikeun pangungsian pusat pamarentahan Hindia Walanda. Sajarah nyatet, dina awal bulan Maret 1942 waktu posisi Walanda di Nusantara geus beuki kadeseh ku Jepang, kantor Gupernur Hindia Walanda ahirna diungsikeun ka Bandung. Ngaliwatan Perjanjian Kalijati, subang tanggal 8 Maret 1942, Walanda serah bongkokan ka Jepang. Serah tarima kakawasaan ti pamarentah Walanda anu diwakilan ku Gubernur Jenderal Tjarba van Starkenburg Stakhouwer dan Letnan Jenderal Ter Poorten ka pamarentah Jepang dilakukeun di gedong Papak atawa Bale kota Bandung ayeuna dina tanggal 10 Maret 1942. Sanggeus nyerahkeun kaulatan, harita keneh dua panggede Walanda dicerek Jepang terus dikirim ka Formosa, anu ahirna ka Manchuria. Panggede Walanda anu teu kacerek Jepang, nyaeta Letnan Jenderal HW. Van Mook jeung perwira intelejen Mayor SH Spoor. Maranehna bisa lolos ka Ustrali dina tanggal 8 Maret 1942 make kapal Dakota anu leupas landasna ti Jalan Buahbatu. Hal ieu nunjukkeun, Bandung pernah ngasaan dijadikeun pusat pamarentahan Hindia Walanda najan ukur kurang leuwih sapuluh poe.

Tina paparan di luhur bisa ditarik kasimpulan, yen munculna rencana mindahkeun Ibukota ti Batavia ka Bandung disababkeun sababaraha alesan anu aya kaitanna jeung kondisi lingkungan geografi Bandung jeung paktor kaamanan, diantarana : Kondisi cuaca jeung Iklim Bandung ngadukung pikeun kantor pamarentahan; Kondisi bentang alam oge ngadukung pikeun pertahanan, dimana Bandung dikurilingan benteng alam nyaeta dua pagunungan luhur anu hese diliwatan jadi pertahanan bisa dipokuskeun di jalan asup ka Bandung.

Lamun disaruakeun jeung wacana mindahkeun Ibukota ti Jakarta ka luar Jakarta anu keur rame ayeuna, alesanna sarua nyaeta Jakarta geus teu layak jadi Ibukota Nagara. Nu ngabedakeun lamun baheula Batavia dianggap geus teu layak jadi ibukota Hindia Walanda alesanna Kasehatan jeung kaamanan; sedengkeun ayeuna Jakarta dianggap geus teu cocok jadi ibukota RI sabab geus rame teuing ku aktipitas kahirupan, macet di mana-mana, lian ti eta Jakarta teu bebas tina lini.

(Tina Rupa-rupa Sumber).

Senin, 31 Mei 2010

Belajar dalam konsepsi masyarakat Sunda Buhun

Naskah Sanghyang Siksakandang Karesian menulis “Hala-hayu goreng-rampes ala Guru” (Sengsara dan bahagia, baik dan buruk, tergantung bagaimana dia belajar). Agar selamat dalam hidup kita harus belajar.

Cara orang belajar menurut karuhun orang Sunda yang tertulis dalam buku/kitab Sanghyang Siksakandang Karesian, adalah sebagai berikut (Danasasmita, S.et.al., 1987 :103-104) : :

1. Guru Nista (belajar dari kenistaan orang lain agar terhindar dari perbuatan tersebut, seperti Ada orang mati ketika mencuri, mati ketika menggerayangi rumah orang, mati waktu menodong, mati waktu merangkum, dan segala perbuatan hianat).

2. Guru Panggung (Pelajaran yang dapat diambil dari kisah yang kita tonton atau kita dengarkan, seperti kalau kita menonton Wayang atau mendengarkan juru pantun).

3. Guru Tangtu (Belajar dari apa yang kita baca)

4. Guru Wreti (Belajar melalui pengamatan terhadap hasil karya orang lain, seperti ukiran, lukisan dan sebagainya).

5. Guru Rare (Mendapat ilmu dari anak).

6. Guru Kaki (mendapat pelajaran dari kakek)

7. Guru kakang (Mendapat pelajaran dari kakak)

8. Guru ua (mendapat pelajaran dari toa / ua / kakak ibu-bapak).

9. Guru hawan (Mendapat pelajaran di tempat bepergian, di kampung tempat bermalam, di tempat menumpang).

10. Guru Kamulan (Mendapat pelajaran dari Ibu-bapak).

11. Guru Pendeta, Guru Mulya, Guru Premana, Guru kaupadesaan, disebut juga Catur utama (empat keutamaan), yaitu Berguru kepada maha pendeta.